pantun sunda pangeling/pangemut
Naruk cangkudu bareukah,di teundeun ditengah imah Hirup kudu daek sidkah, sampeureun poe kiamah. Mulungan saga jam dua, Tuh toge rabut geus beukah Nulungan pada kaula, eta ge di sebut sidkah Cangehgar keur papaehan, kagebah kunu ngaliwat Mun benghar kudu berehan, sing nya'ah kanu malarat Arek indit ngala bonteng, palupuh babakauran Medit teh lampah nu goreng, ngajauhkeun duduluran Melak pare meuni mulus, di handapeun tangkal kerseun Mun mere kudu nu alus, entong kudu engges bosen Pulus cengkeh jeung kanyere, meuli botan jeung kanyere alus keneh anu mere tibatan anu di bere Lamun urang meuli pare, kudu nu di beungkeut hela Lamun urang barang bere kudu nu deukeut hela. Langlayanganmah diluhur, pelak keutan mah di handap panangan anu di luhur sae tibatan anu dihandap. Sakitu wae pantun sunda na mugia janteun pangemut urang sadaya penulis: emj riyandi